Selasa, 23 Juni 2015

KAULINAN BARUDAK LEMBUR

KAULINAN BARUDAK LEMBUR













Penulis                   : Rahmia Khoerunnisa
Editor                   : Rahmia Khoerunnisa
Desain Sampul       : Rahmia Khoerunnisa, Zulfikar Ali Nugraha.

Penerbit : RK
Redaksi : Jatinangor, Sumedang.
Website : rahmiakhoerunnisa.blogspot.com

Cetakan Pertama, Juni 2014
Khoerunnisa, Rahmia. Kaulinan Barudak Lembur.Sumedang.RK:2014.
iv + 69 halaman.

Panganteur

          Bismillahirrohmanirohim.
Allhamdulilahirobilalamin. Puji sinareng sukur disanggakeun ka Pangéran Nu Murbeng Alam Allah SWT anu parantos maparin rahmat sareng hidayah tug dugi k ieu buku tiasa réngsé kana waktosna. Teu hilap solawat sinareng salam mugia ngocor ngagolontor ka jungjunan urang sadaya Muhammad SAW. Teu hilap ogé ka kuawargana, sohabatna, tabi’in-tabi’inna, ogé ka urang sadya salaku umat mantennna nu turut tumut kana ajaranana.

Ieu buku di paparin judul “Kaulinan Barudak Lembur” disusun pikeun nyumponan tugasmata kuliah Kreatifitas Penciptaan Sastra Anak di program studi sastra Sunda Universitas Padjadjaran. Salian ti éta, buku ieu disusun manawi tiasa dianggo sumber pangrojong pangajaran basa sunda. Atuh kanggo umum mugia tiasa langkung mikawanoh kabudayaan sunda utamina dina kaulinan barudakna anu ayeuna atos langki ditingal.

        Nu nyusun eungeuh pisan yén maih seueur kénéh kakirangan dina ieu buku. Sanaos kitu, nu nyusun sakedah polah ngusahakeun supados matéri dina ieu buku tiasa ngebrehkeun kabeungharan budaya sunda.Ku kituna, panyawad sareng pamair ti sadayana kalintang diantos-antosna.

          Nu diharep ku nu nyusun mugia ieu buku sasieureun sabeunyeureun aya mangpaatna pikeun generasi-generasi ka hareupna, utamina nu icikibung dina dunya akademisi budaya sunda.
Dina kasempatan ieu ogé nu nyusun seja ngahaturkeun mangréweu-réwu nuhun ka anu atos ngiring ngabantosan, diantawisna :

1.     Nu pangutamina ka mamah sareng bapak anu teu kendat-kendat maparin do’a siang sinareng wengi, sareng ka sadaya kulawargi anu aya di Cisompet.

2.    Nu utami ka Bapak Taufik Ampera, M.Hum salaku Dosen mata kuliah Kreatifitas Penciptaan Sastra Anak.

3.    Sadaya réréncangan Sastra Sunda 2013 .

4.    Teu hilap ngahaturkeun sewu nuhun oge ka rerencangan Pamass sadayana.
Sewu nuhun laksaketi kabingahan kasanggakeun ka sadaya baraya nu teu tiasa di tataan hiji-hiji, katampi pisan du’a, dukungan,bantosan, sareng sumangetna. Mugia samudaya kasaéna diganjar ku Allah SWT ku ganjaran anu manglipet-lipet.

          Dina pamungkas, mugia ieu buku tiasa kapetik hasilna kaala buahna ku nu nyusun nyalir, ogé ku dunya budaya sastra Sunda. Mugia Budaya jeung Sastra Sunda nanjeur di buana, Amin.
                                   
Bandung, Juni 2014         
Rahmia Khoerunnisa



Daftar eusi

Panganteur..................................................................... i
Daftar Eusi................................................................... v
Kaulinan Barudak Lembur......................................... 1
Daftar Pustaka………................................................. 58




KAULINAN BARUDAK LEMBUR

1.  Ambil-ambilan

       Kaulinan ambil-ambilan merlukeun batur loba. Dua urang pahareup-hareup, tuluy leungeuna masing-masing pacekel-cekel bari rada dikaluhurkeun. Barudak anu séjéna ngantay bari silih cekel taktak (nu ditukang nyekel taktak nu dihareupna, jst) barudak anu ngantay téa arasup ka sela-sela nu duaan, nu leungeuna geus pacekel-cekel. Kituna téh bari dikawihan :



Ambil-ambilan turuktuk hayam samanti
Saha nu diambil
Kami mah budak pahatu
Purah nutu purah ngejo
Purah ngasakan baligo
Putah tunggu balé gedé
Nyeurieun sukuna kacugak ku kaliagé
Aya ubarna urat gunting sampuragé
Tiguling nyocolan dagé

Barang nu pandeuri geus aya di hareupeun nu duaan, terus di kurungan (ku leungeun nu dikaluhurkeun téa) bari terus ditanya :
“Rék milih bulan atawa béntang ?” ceuk nu duaan. Lamun milih bulan kudu terus ngaléos (nyalingker) ka beulah katuhu, lamun milih béntang ka beulah kénca. Lamun nu ngantay geus kabéh marilih kénca atawa katuhu, gundukan kénca atawa katuhu téh turus silih cekel,silih betot. Nu éléh nyaeta anu kabetot sarta terus dibawa lumpat. Di sawatara kaulinan model kieu sok disebut “Bulan Béntang”

2.  Congklak

Kaulinan congklak, anu digunakeun nyaéta pakakas anu disebut congkak ( dijieun tina kai, panjangna leuwih kurang 40 cm, lébar leuwih kurang 15 cm, luhurna maké logak sababaraha hiji). Unggal logak dieusian ku kewuk,atawa siki salak, jeung sajabana anu lobana tujuh siki. Cara maéna silih genti, tepi ka siki congkak téh béak arasup kana logak indung anu logakna ditengah jeung panggedéna.

3.  Cingciripit

Kaulinan cingciripit atawa sok disebut dingding kiripik mangrupa kaulinan anu basajan. Ngan merlukeun batur leuwih ti tiluan. Carana, anu saurang namprakeun leungeun, ari nu séjéna ngasupkeun curuk kana dampal leungeun nu ditamprakeun téa. Anu namprakeun leungeun nu purah ngawih :
Cingciripit
Tulang bajing kacapit
Kacapit ku bulu paré
Bulu paré seuseukeutna
Jol pak Dalang
Mawa wayang jék-jék nong...
Waktu nyebutkeun jék-jék nong dampal leungeuna dikeupeulkeun,pikeun nyapit curuk téa.

4.  Bekles

Bekles kaulinan husus barudak awéwé. Parabot anu digunakeuna bal leutik jeung kewuk sababaraha siki. Carana, kewuk di awurkeun kaluhur bari ngalungkeun bal. Kewuk nu acak-acakan téh kudu dicokotan hiji-hiji. Nyokotna henteu sagawayah, tapi kudu ngalungkeun heula bal. Lian ti éta, aya sababaraha bagian dina bekles, saperti tangkareun nyaeta  nangkar-nangkarkeun kewuk anu pabalatak. Anu kadua nyaeta tangkuben nyaeta nangkub-nangkubkeun kewuk. Anu terakhir nyaeta éspél, éspél nyaeta tangkareun jeung tangkubeun dihijikeun terus ditangkarkeun deui. terus disusun cenah ngabaris bari ngalungkeun bal jeung kudu mawa kewuk salobana  anu dibariskeun tadi dina sakali ngalungkeun bal.

5.  Éncrak

Éncrak teu jauh beda jeung bekles, bedana mah teu make bal, jeung teu maké kewuk tapi ngagunakeun batu anu baruled atawa siki salak.  Balna diganti ku batu atawa siki salak tea, dina nyokotna henteu sagawayah, tapi kudu ngalungkeun batu. Lian ti éta, batu kudu diawurkeun sina pindah kana tonggong dampal leungeun, dikaluhurkeun saeutik, terus dicakep.

6.  Éngklé

Éngklé nyaéta kaulinan nu ngagunakeun batu. Biasana baladna dua atawa tilu urang séwang. Carana, mimiti nyieun heula tanda dina taneuh (maké rokrak). Lian ti nyieun tanda, kudu nyieun gurat sababaraha métér jauhna tina tanda. Ieu gurat téh tempat caricing mun rék ngalungkeun batu. Ari batu dialungkeuna téh padeukeut-deukeut kana tanda. Ieu gurat téh tempat caricing mun rék ngalungkeun batu. Sababaraha urang nu pangdeketna kana tanda,sababaraha urang anu jauh. Anu deukeut jadi balad, tur pangheulana maén. Cara maéna nyaéta batu disimpen dina dampal suku, dijungjung saeutik kaluhur, terus éngklé-éngkléan dibawa ka hareup pikeun diadukeun kana batu musuh nu geus di pasang.

7.  Empét-empétan

Empét-empétan mangrupa kaulinan barudak husus barudak lalaki dina waktu panen. Empét-empétan bahana dijieun tina jarami. Aya anu tungtungna disambung ku daun kalapa, aya oge henteu. Jarami téh di potong diarah saruas. Deukeut bukuna disopak saeutik minangka angkup (nu engkéna bisa disada). Bagian séjéna diliangan kawas suling. Saméméh ditiup,sangkan disadana alus, sok dirorojok heula make tungtung jarami nu leutik bari dikawihan :
Ojok-ojok ami-ami
Dirojok kujarami
Ojok-ojok uat-uat
Ngarojok nu dibuat
Ojok-ojok aung-aung
Ngarojok nu di saung

8.  Galah

Kaulinan galah merlukeun batur anu loba (paling saeutik dalapan urang keur dua regueun). Kitu deui kaulinan galah merlukeuntempat (buruan) anu lega. Saméméh prung maén. Salah saurang nyieun heula gurat pasagi opat anu lega, biasana sok maké rokrak nu di guratkeun kana taneuh, atawa lebu diawurkeun. Gurat pasagi opat téh tengahna diguratna deui tepi ka ngajanggelek opat kotak. Cara maéna, regu nu hiji ngajaga di unggal gurat, sedengkeun regu anu hiji deui maén, nyaéta ngumpul di hiji kotak, terus lumpat ka kotak séjén bari ulah katoél,teu katepak. Lamun teu katepak ku anu jaga tur bisa balik deui ka kotak asal disebutna “asin” hartina menang (hiji-enol).

9.  Galah bandung

Galah bandung teu merlukeun tempat anu lega. Kitu deui prak-prakan maéna oge éstu béda. Nu maéna cukup tiluan (biasana barudak awéwé). Lamun si A maén, si B jeung si C ngajaga. Cara ngajagana, nyaéta si B jeung si C diuk pahareup-hareup bari ngalonjorkeun suku duanana. Diukna rada ngadayagdag katukang ditunjel ku dua lengen. Suku anu dilonjorkeun téa, dampalna di patumpangkeun ka luhur. Ari si A anu maéna,ngaluncatan dampal anu patumpang téa. Lamun ngajlengna lancar, diteruskeun kana babak anu kadua. Dina babak kadua suku nu ngajaga rada ngajégang kaluhur (jadi leuwih hésé luncatna). Dina babak katilu, nu maén kudu cingogo diluareun kalang,geus kitu sabisa-bisa kudu bisa ngagolér di jero kalang. Awak teu kaci antel atawa ngagaris kana suku nu ngajaga.

10.  Gatrik

Gatrik téh kaulinan barudak lalaki. Parabot nu dipakéna kai atawa awi (nu panjangna kira-kira sajeungkal) jeung kai paneunggeul. Cara maéna, kai nu sajeungkal téa dipasangkeun kana logak. Geus kitu tuluy diteunggeul ambeh ngacleng sok ditenggeuldeui sina ka jauh. Lamun geus murag ka hiji tempat, kai nu sajengkal téh dipaké ngukur (dijeungkalkeun kana taneuh)

11.            Hahayaman

Hahayaman nyaéta kaulinan nu merlukeun jalma réa. Carana nguriling nyieun bunderan bari pacekel-cekel. Saurang aya nu jadi hayam, jeung saurang deui aya nu jadi careuhna. Nu jadi careuh salawasna boga tugas ngudag-ngudag hayam teupi ka beunangna. Nu jadi hayam dibéré kalonggaran pikeun kaluar asup tina bundeuran. Sedeng nu jadi careuh mah teu dibéré jalan. Nu matak nu jadi hayam téh sok lila katéwakna ku nu jadi careuh. Mun geus katéwak, nu jadi hayam jeung nu jadi careuhna diganti ku nu séjén.

12.            Hong-hongan

Hong-hongan mah maké tihang, minangka tempat cicingna nu néangan. Si A upamana kagiliran purah néangan. Cicingna téh deukeut tihang téa, bari ngajaga sangkan tihang ulah kacampa ku nu nyarumput. Nu nyarumput poma ulah katémpo nu jaga geuwat ngagorowok “Hong si Anu...!” cenah.
Mun geus dicambalkeun kitu, nu geus dihongkeun téh teu menang nyumput deui. tah lamun keur balangah kana tihang kitu, tihang téh sok rikat diburu ku nu nyumput (dicampa) bari ngagorowok “Cambal....!” cenah. Mun geus dicambalkeun kitu, nu geus diahongkeun téh kaci nyarumput deui. sedeng lamun nu nayrumput bisa kahongkeun kabeh tur tihang taya nu nyampa, nu jaga tihang bisa milu nyumput bari masrahkeun tihang jaga ka jalma nu pangheulana di hongkeun.

13. Anjang-anjangan



Anjang-anjangan nyaéta kaulinan nu niru-niru jelema nu geus rumah tangga, aya bapa, ibu, anak, tatangga, warung, pasar, jsb. Biasana dilakukeun ku barudak awéwé, tapi saupama aya budak lalaki sok pirajeunan dijadikeun bapa. Ngagunakeun pakakas saayana.


14. Boy-boyan


Boy-boyan teh salah sahiji kaulinan anu maké bal (biasana saukuran bal ténis) anu bisa dijieun tina kertas anu dikuwel-kuwel atawa ku bal ténis na. Tuluy, dikumpulkeun potongan kenténg (10 -15) sina ngajajar kaluhur. Kabeh anu teu jadi ucing, saurang-saurang ngalungan kana kenténg anu geus ngéntép, minangka nepikeun salah saurang bisa ngaruntuhkeunana. Lamun kénténg na geus runtuh, anu jadi ucing tuluy ngaberikan ka anu maen tadi sangkan beunang dibaledog ku bal-na. Lamun aya anu keuna, pamaén kaluar tina ulinan nepikeun kabeh kabalèdog ku bal-na.

15.  Bebentengan

Bébénténgan nyaéta kaulinan anu dipetakeun ku cara silih beunangkeun (ditoél) bari ngajaga bénténg anu dijaga ku batu, talawéngkar, jsb. 
Damdaman

16. Damdaman

Damdaman nyaéta kaulinan anu maké mikir lantaran butuh stratégi sangkan buah dam urang teu béak dihakan ku buah dam batur anu jadi lawan urang.

17.            Endog-endogan

Endog-endogan nyaéta kaulinan maké leungeun bari kakawihan. Leungeun ditumpuk bari meureup nyarupa endog, terus gogoléangan atawa endogna peupeus nuturkeun kawih. Biasana diulinkeun bari diuk, minimal diulinkeun ku 2 urang. Terus leungeun dipeureupkeun disimpen dihandap.Kawihna siga kieu : "Endog endogan….endogna peupeus hiji..pre". Mun nyubut pre langsung leungeun anu tadina meureup ditemprakeun. Mimiti anu ditemprakeun anu paling handap tuluy sampe kaluhur. Mun leungeunna geus euweuh anu meureup deui dikawihkeun deui siga kieu “goleang goleang Mata sapi bolotot” bari handapeun mata barudak sok silih dibeyeng kahandap ku sorangan.

18.            Eueundeukan

Euneundeukan  nyaéta kawih kaulinan anu dipaké ku barudak bari eundeuk-eundeukan dina dahan tatangkalan. Barudak ngarawih bari suka bungah jeung ngeundeuk-ngeundeuk tangkal anu ditaékannana, ngarawihna bari seuseurian kawas nu nyurakan batur nu ngaliwat ka éta tangkal, dikawihkeun dialeu-aleu. Rakitanana kieu :
Eundeuk-eundeuk cang lagoni
Meunang
peucang sahiji
Leupas deui ku
nini
Beunang deui ku
aki.


19.            Hompilah

Hompilah nyaéta kawih paranti milang saméméh prung maén ucing-ucingan. Cara ngalakukeunana barudak ngariung bari namprakkeun jeung nangkubkeun dampal leungeunna tuluy ngawih babarengan, saha budak anu teu sarua hasil hompilahna berarti éta budak nu éléh jeung eméng kudu ngudag budak séjén nu sarua hasil hompilahna.
Kieu rakitan kawihna:
Hompilah hompimpah
Alaihum gambréng.

20.            Jajangkungan / égrang

Jajangkungan atawa égrang nyaéta kaulinan leumpang maké awi dua anu aya panincakan.

21.            Sabintrong

Sabintrong atawa luncat tali nyaéta kaulitan ngaluncatan tali anu dicekelan ku duaan. Talina saeutik-saeutik diluhurkeun. Dipaenkeun ku 3 urang-leuwih make tali nu panjang,biasana tali teh dijieun tina karet geulang ditumbu-tumbukeunkeun jadi panjang. Mimiti dua budak jaga, maksudna nu nyepengan ujung talina ti mulai semet tuur tuluy naek ka luhur  tuluy, bujal, dada, ceuli, hulu, tuluy diacungkeun ku leungeun.
Cara maenna, budak nu teu nyekel tali kudu ajleng saluhureun bates tali téa. Keur wates tuur tepi sahandapeun bujal nu ajleng téh teu teu meunang antel kana tali, antel manehna lasut alias kudu gentenan nyekel tali. Beunang ogé maké tehnik "dikepoh" nyaeta suku kenca meulit kana tali dipurilitkeun, tuluy disusul suku katuhu ngajleng ka beulah sisi sebrangeun nu ngajleng tea.

22.             Ngadu kaleci

Kaulinan ieu paling henteu kudu dimaenkeun ku duaan. Dibutuhkeun kaleci jang maenkeunana. Hiji pincian jang pamatah nu sejena jang mayar mun eleh. Ngadu kaleci perlu lahan nu rada lega. Paling henteu saukuran lapangan poli atawa satengahna. Makana mun maraen kaleci teh di pakarangan imah nu lega. Dina area ngadu kaleci dijieun dua garis nu sajajar. Jarak garis kahiji ka garis kadua sekitar 4 meter.

Cara maenkeunana kieu:

1. Pemain narangtung di garis nu kahiji siap-siap ngalungkeun kaleci. Tujuan ngalungkeun ngarah kaleci lagragna deukuet ka garis nu kadua, syukur-syukur pas dina garis (telep). Urutan ngalungkeun mun kakarek maen biasana diundi make cara sut (gangsut).
2. Pemaen nu kalecina lagragna pang deukeutna kana garis maen pangheulana. Di susul ku nu sejena dumasar kana jarak ka garis. Cara maenekuna maké ramo tangan kaleci diarahkeun ka kaleci batur. Mun beunang budak nu kalecina beunang kudu mayar ku kaleci, oge langsung ngarah kaleci nu sejena. Hiji. Mun teu beunang nya enggeus ingkeun nungguan bisi kaleci urang rek diarah ku batur.

23.  oray-orayan

Oray-orayan nya éta kawih kaulinan anu dilakukeun ku barudak nu rék ulin oray-orayan, biasana saméméh ulin oray-orayan sok silih cekel heula taktak. Nu tukang nyekel taktak nu hareupeunnana jeung saterusna tuluy maju ka kénca ka katuhu katempona ngaléor siga oray bari ngawih tuluy luar-léor mapayan jalan ngurilingan budak nu keur jaga jadi guha nepi ka asup salah saurang budak tuluy dititah milih rék kamana, naha rék milu ka kelompok nu ka hiji guha katuhu atawa rék milih kelompok nua ka dua guha ka kénca, kawihna kieu:
Oray-orayan Oray naon Oray bungka
Bungka naon Bunga Laut Laut naon
Laut dipa Dipa naon
Di pandeuri, ri, ri, ri, ri . . .

24. Paciwit-ciwit lutung

Kaulinan Barudak anu carana siliciwit tonggong dampal leungeun, nyusun ka luhur bari ngawih paciwit-ciwit lutung babaturanana.
Paciwit-ciwit lutung
Si lutung pindah ka tungtung


25. Pérépét jéngkol

Pérépét jéngkol nya éta kaulinan barudak  lalaki atawa awéwé, nyarekelan leungeun bari patukang-tukang séwang-séwangan, suku katuhuna diangkat tuluy ditalikeun sukuna kanu séjénna nepi ka pageuh jeung teu bisa lésot deui muringkel jiga anyaman samak. Tuluy sanggeus pageuh, leungeun barudak séwang-séwangan dileupaskeun tuluy laluncatan muter bari kekeprok nurutkeun wirahma lagu Pérépét jéngkol. 

Kieu rakitan kawihna:
Pérépét jéngkol Jajahéan
Kadempét kohkol Jéjérétéan.

26. Sondah
Sondah nyaéta kaulinan ku cara éngklé-éngkléan make ngaliwatan kalang kotak-kotak. Aya kotak anu ditandaan ku kojo (tina batu) anu teu meunang ditincak.


Cara maénkeunna nyaéta :
Dipaénkeun ku sababaraha urang 2-10 urang ge kaci. biasana dina taneuh diguratan heula, rek ku kapur atawa ku naon waé asal aya tapak guratna.
          Aya nu disebut "kojo" biasana tina potongan kenteng. Milih kojo kudu nu hampang tapi tambleg, kentengna ulah nu kandel teuing. Jadi mun dialungkeun kana kotak-kotak paragi sondah tea, teu kaluar tina garis. Mun kaluar tina garis, nya lasut. Cara maénna, ngalungkeun heula "kojo", mimiti mah kana kotak nu kahiji, mun kotak nu aya kojoan ulah ditincak, kudu diajlengan. budak éngklé-éngkléan ,nepi ka sirah gambar istirahat. tuluy balik deui engkle ti sirah ka awak.

27. Sorodot  Gaplok
          Sorodot gaplok nyaéta ampir sarua jeung éngklé, ngan batuna dibawa ku suku bari leumpang gancang terus sarua ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun.

28. Suten

Suten nyaéta kaulinan leungeun samodél Rock, Paper, Scissors Suten biasa dipaké pikeun nangtukeun saha anu jadi ucing dina kaulinan ucing sumput, ucing-ucingan.
 

29. Sermen
Sérmen nyaéta kaulinan peperangan pabalad-balad bari maké pedang anu dijieun biasana tina awi. Saurang dianggap paéh upama sukuna ti tuur ka handap katoél ku pedang musuhna. Kitu saterusna nepikeun kabéh musuh paéh.



30. Ucang-Ucang Anggé
          Ucang-ucang anggé nyaéta kaulinan anu biasana dilakukeun ku kolot nu keur ngasuh budakna, bari ucang-ucangan diuk dina golodog nu aya kolongan, sukuna diayun-ayunkeun ka hareup jeung ka tukang ka lebah kolong handapeun pangdiukan sababaraha kali. Ngawihna kieu :
Ucang-ucang anggé
Mulung muncang ka papanggé
Diudag ku anjing gedé
Anjing gedé nu Ki Lebé
Ari gog, gog cungungung.


31. Ucing Sumput

          Ucing sumput nyaéta kaulinan néangan batur nu nyumput upama saurang jadi ucing. Biasana ucing ngitung heula méré waktu batur nyumput saacan kudu néangan kabéhanana. Aya rupa-rupa aturan.
          Kaulinan ieu kawentar di mamana, hususna di Indonesia. Nu maen pangsautikna 2 budak tapi tangtu leuwih loba leuwih rame. Salah saurang budak kapeto jadi jaga ku cara hompimpah jeung atawa suten.
          Cara ulinna, kabeh budak salian nu 'jaga' nyumput sabuni-bunina. Budak nu jaga boga pancen kudu nimukeun babaturanna ieu. Sacara umum, budak nu pangheulana kapanggih panyumputanna jadi jaga mun sakabeh budak geus kapanggih. Barudak nu geus kapanggih bisa mantuan neangan sesa baturna nu can kapanggih, bisa oge henteu gumantung aturan maen nu disatujuan samemeh maen.

32. Ucing Lumpat

          Ucing lumpat nyaéta kaulinan lulumpatan lantaran diudag jeung rék ditoél ku nu jadi ucing.
Cara maénna nyaéta :

          Ucing-ucingan biasana dipaenkeun ku leuwih ti 2 urang. paraturananan dimimitian ku hompimpah pikeun nangtukaeun saha ucingna. budak anu kabagen jadi ucing kudu ngudag babaturanana sangkan beunang katoél/katepak. aya dua paraturan nyaeta mun geus beunang katoel ku ucing, otomatis jadi ucing jeung budak nu jadi ucing samemehna bisa bebas tina tugas jadi ucing.
          Paraturan sejenna, mun pareng beunang katepak ku ucing, nu katepak eta otomatis jadi babaturan ucing, jeung nu ucing memehna tetap jadi ucing tepi ka kabeh anu miluan ucing-ucingan bisa katewak. mun geus katewak, biasana balikan deui tina hompimpah.

33. talawéngkar

          Talawéngkar nu ditumpukkeun. Upama keuna, anu jadi ucing kudu ngaberik terus malédogkeun bal ka nu malédog tumpukan talawéngkar bieu. Kitu terus nepikeun kabéh pamaén keuna kabalédog.

34.  Pletokan
          Pletokan téh nyaéta kaulinan barudak lalaki anu dijieuna tina awi sapanjang 30 cm. Awi nu dipaké kudu awi anu kuat jeung kolot ngarah teu téréh belah. Awina dibagi dua, nyaéta keur panyodok, awi anu dirautan buled sarua jeung buledan awina. Pélorna dijieun tina kertas baseuh, kembang, atawa pentil jamu cai.

35. Gasing
          Gasing/ Gangsing/ Panggal nyaéta kaulinan barudak anu terus muter jeung terus ngatur kaseimbangan dina hiji titik. Cara maénkeunana nyaéta Gasing dicekel dina lengen belah kénca, belah katuhuna nyekelan tali. Lilitkeun tali kana gasing.

36. Langlayangan

          Langlayangan mangrupakeun kertas ipis anu ngabogaan rangka nu bisa dihiberkeun ka luhur  lantaran maké tali atawa kenur. Langlayangan ngamanpaateun gede leutikna angin.

37.  Maén Bal

          Maen bal sarua jeung sépak bola biasana, anu ngabédakeunana nyaéta jumlah pemain tina masing-masing tim téh kur saayana baé. Peraturanana oge kudu kesepakatan kabeh anu maénna.

38. Monopoli

Monopoli nyaéta salah sahiji kaulinan anu kasohor di dunia. Tujuan monopoli téh nyaéta pabenghar-benghar lewat melian tanah, imah jsb. Dina papan monopoli. Cara maénna nyaéta unggal pamaéna kudu ngalungkeun dadu sakali séwang, terus lamun eureun di petak tanah anu can dibeli ku batur, éta petak téh bisa dibeli sarua jeung harga anu aya dina petak. Lamun petakna geus dibeli kubatur, urang kudu mayar sewa sarua jeung harga anu geus ditangtukeun.

39.  Gamebot

          Kaulinan gamebot kasohor dina taun 2000-an.  Gamebot iyeu lain kaulinan tradisional anu ngagunakeun alat saayana,tapi geus mangrupa kaulinan barudak ngabentuk elektronik.

40. Tamagochi

          Tamagochi téh nyaéta kaulianan dina elektronik. Dina tamagochi téh urang bisa ciga ngurus sato,misalna méré dahar, ngabersihkeun kamarna,ulin,ngamandian jsb.

41. Bepe

Bepe téh mangrupa kaulinan barudak awewe titaun 2000-an kahandap. Bepe teh mangrupa barbie tina kertas anu bisa gunta-ganti baju.

42. Ngadu Muncang

Dua Siki muncang anu heras dibungkus, terus digebuk maké panggebug. Lamun salah sahiji siki muncang aya nu ancur berarti éta anu éléh.

43. Ngadu Gambar

          Cara ngadu gambar nyaéta kucara diémprakeun,atawa dialungkeun kaluhur. Lamun gambarna nangkar, berarti éta nu menang. Nu éléh kudu méré gambar kanu menang.

44. Pacici-cici Putri

          Pacici-cici putri mangrupakeun salah sahiji kaulinan barudak nu biasa dilakukaeun minimal ku 2 urang atawa 3 urang boh lalaki atawa awewe, dina eta pangulinan maranehna ngariung mun lalaki bari sarila, mun awewe bari emok, tuluy tiap urang neundeun 2 ramona sewang-sewangan, kalawan dipingpin ku salah saurang, nu mingpin eta nunjukan ramona nu diriungkeun tadi (majarkeun ngitung) bari make lagu :
Anu nunjukan : “Pacici-cici putri, serelek kembang celempung, ma ipah-ma ipah, kalau mau kembang apah?”
nalika eureun dina kecap “a-pah?” nu katunjuk (salah sahiji ramo-na, otomatis jadi nu katanyaan) sina ngajawab eta pertanyaan (nyebutkeun salah sahiji ngaran kekembangan, bebas rek kembang naon bae oge, ngan engke kudu bisa mere sindiran ku eta rupa ngaran kembang nu disebutkeun ( contona bae : kembang cau, tina kecap “cau” kadituna jadi kecap “bau”)
Nu katanyaan: “Kembang cau,” (contona eta nu katanyaan ngarana si ucup)
Saanggeus ngajawab, tuluy ramo nu tadi ditareundeun deui.
Anu nunjukan : “Mang ucup, mang ucup, palay kembang cau, kabogohna kanu bau.”
Nalika keur ngucapkeun eta kalimat, anu mingpin bari nunjukan deui ramo-ramona, dimimitian tinu ngajawab tadi, saha wae ramona nu katunjuk ku kecap nu terahir diucapkeun (“ba-u”), otomatis si eta nu bakal mingpin dina jirangan nu satuluyna.





45.  Rorodaan

          Rorodaan nyaéta kaulinan barudak anu dijieun tina kai. Cara ngaulinkeunana ogé teu hésé, ukur maké suku. Biasana barudak sok ngajalankeunana dina jalan anu mudun.

46. Lodong

        Lodong mangrupa salah sahiji kaulinan barudak anu ngadopsi tina kemiliteran jaman baheula. Loodong ogé bisa disebut mercon. Cara nyieun lodong ogé teu pati hésé, anu kahiji urang kudu néangan awi anu gedé jeung kuat pikeun dadasar dina nyieun lodong. Sanggeus manggihan eta awi, potong awi eta kira-kira 1-2 meteran. Panjang pendekna awi mangaruhan sora ngabeledugna lodong anu diasupan ku karbit.

47. Ucing Peungpeun

          Kaulinan barudak awéwé atawa lalaki, kaulinan ieu anu jadi ucing panonna kudu di tutup jeung kudu aya di tengah-tengah barudak anu lianna. Barudak kudu ngurilingan ucingna bari ngawih, tepikeun ka nu jadi ucing menang mangsana.

48. Ular Tangga

        Ular tangga mangrupa kaulinan dina papan kertas anu bisa dimaénkeun ku dua urang atawa lewih. Papan ular tangga dibagi-bagi jadi sababaraha kotak, jeung dieusian ku gambar oray atawa gambar tangga. Kaulinan ular tangga diciptakeun dina taun 1870. Sakali éwang pemain ngalungkeun daduna, lamun pemaina menang dadu angka 6, biasana menang giliran ngocok dadu sakali deui. lamun eureun ditempat anu aya orayan, berarti urang bakal turun deui kahandap, lamun eureun ditempat anu aya tanggaan berarti urang bakal kaluhur.
49. Yoyo

          Yoyo nyaéta mangrupa kaulinan barudak anu dijieun tina plastik,kai,jeung logam anu dihubungkeun maké sumbu, anu kagulung tali. Yoyo dimaénkeun ku cara ngalungkeun yoyo ka handap maké gerakan anu mulus.

50. Katepel

          Katepel ku barudak sunda mah sok dipake pikeun ngala manuk disawah atawa dileuweung. Cara nyieuna oge babari,tina dahan kai anu nyagak.

51. Bola Kasti
Kaulinan bola kasti ieu ngan ngagunakeun alat saayana jeung pamaén saayana. Paneunggeul pikeun bola kasti na oge kadang-kadang ukur paké sendal jepit. Aturanana oge sayaayana, kumaha kasepakatan pamaén.
52.  Bebedilan
          Bebedilan ieu dijieuna tina dahan daun cau, bisa oge dijieun kukudaan.

53.   Ngurek

          Dipilemburan mah ngurek teh sok sakalian dipaké ulin. Barudak lalaki ngalabring kasawah,paloba-loba menangkeun belut anu engkéna bakal dipasak.

54.  Kuartet
Kuartet nyaéta kaulinan kartu anu ngumpulkeun 4 kartu dina masing-masing baladna. Saha anu loba ngumpulkeun kartuna éta anu menang.

55.  Sulap Karet
Sulap karét nyaéta, kaulinan dina maénkeun karét. ngagunakeun lengeun.

 
56. Teteleponan

          Barudak lembur jaman baheula mah osok ulin teteleponan ngagunakeun cangkang akua gelas anu disambungekun ku bola panjang.


Daftar pustaka
Hidayat, Rachmat Taufiq, spk.2005.Peperenian Urang Sunda.Bandung:Kiblat.